Nu kuring mana
Judul Cerpon :Nu kuring mana
Karya : Mang Sukma Wijaya
Bag. 1
"tok-tak-tok-tak" kolotok nu ngagantung di beuheung sapi teh disada meni nyongcolang. Kawantu wanci geus tengah peuting nu meumeujeuhna sepi jempling. Mang Ahmad anjeucleu di luhur padati bari nyekel tali pangenyed. Lampu nu digantungkeun di kolong roda tingkalices ka tebak angin. Sakapeung Mang Ahmad dedeheman ngingkahkeun kasepi dirina. Padati majuna rada alon lantaran babawaanana teh loba kacida. Salian ti mawa awi saratus leunjeur, oge mang Ahmad teh mawa kalapa pesenan urang pasar. Di luhur, langit angkeub poek teu katingal bentang kawas peuting anu enggeus. Gelebus angin nebak tatangkalan nu rajeg kenca-katuhueun jalan, sorana seah estu nyampurnakeun kaayaan peuting anu teu cara ti sasari. Keur anteng nalingakeun jajalaneun, reg sapi teh eureun ngadadak. Mang Ahmad curinghak, tuluy manehna nyarita," aeh,aeh Jalu. Naha kunaon maneh bet eureun. Hayu maju, Jalu" Kituna teh bari nyepretkeun cametina kana bobokong sapi. Keukeuh sapi teh mugen teu daek maju sanajan ku Mang Ahmad dicepretna sababaraha kali oge. Mang Ahmad ngagerentes di jero hatena," aeh, aya naon ieu teh? Boa aya nu ngahalangan !" . Manehna nyureng ngawas-ngawas ka hareup, tetela euweuh nanaon. Mang Ahmad nyarita rada bedas," Ulah ganggu, ulah jail ka kuring. Geura ingkah lamun kabeneran ngahalangan!" Tuluy Mang Ahmad mapatkeun elmu panemuna. Hiliwir kaambeu seungit samoja meuni nyambuang. Mang Ahmad nyepretkeun cametina sakali deui. Geuleuyeung padati teh maju lantaran sapina daek deui ngalengkah ayeuna mah. Wanci janari leutik Mang Ahmad nepi ka hiji lembur nu teu pati gede. Manehna ngarasa heran lantaran basa bulan kamari mah manehna liwat kadinya teh asa teu ngaliwatan eta lembur.
Bag. 2
Mang Ahmad ngarandeg tuluy rarat-reret ka kenca jeung katuhu. Manehna hookeun ningal imah ngajajar meuni rapih, sanajan imah teh kasebutna imah panggung. Potongan imah teh meh sarua kabeh, lampu gantung nyaangan terasna sanajan teu sabaraha caangna tapi bisa nembongkeun kumaha campernikna imah. Gentong wadah cai ngajajar, kawasna mah paranti nginum nu lalarliwat. Jrut Mang Ahmad turun, tuluy leumpang bari nungtun sapina. Bari leumpang teh Mang Ahmad luak-lieuk neangan tempat pikeun manehna ngareureuhkeun kacape. Ma'lum tadi mangkat ti lembur teh ba'da ashar, sakalian ngareureuhkeun si Jalu nu ngagusur padati sakitu jauhna. Jog Mang Ahmad nepi ka hiji wangunan leutik di sisi jalan, kawasna mah tempat ngaronda atawa tempat paniisan ari ti beurang. Mang Ahmad nyangcangkeun sapina ka tangkal bungur nu aya di gigireun eta wangunan. Manehna tuluy diuk, sajeroning keur diuk teh hatena mah ngagerentes. " Duh, kasaha kuring menta idin nyare di dieu nya? jaba geus liwat ti tengah peuting kieu" Kitu dina jero hatena teh. Keur galecok kitu teh, ti kajauhan kadenge sora tingkotoplak kuda, kadengena mah kawas nu loba kudana teh. Beuki lila, sora beuki deukeut nu antukna mah rombongan jalma nu make kuda teh geus aya di hareupeun Mang Ahmad. Tapi Mang Ahmad ngarasa heran lantaran jelema sakitu lobana teh kawas nu teu ningali aya manehna. Salah saurang ti rombongan teh nyarita ka baturna rada tarik," Silaing duaan beuleum imah nu belah wetan, dewek jeung nu sejenna rek muru ka kulon" kitu pokna teh. Mang Ahmad curinghak, tuluy nguniang hudang muru kana padatina. Tapi, keukeuh eta rombongan teh teu malire ka manehna nu keur molohok kaheranan.
Deregdeg sabagean rombongan kuda teh muru ka tempat anu dititah ku pingpinanana. Sawareh nunggu di tempat Mang Ahmad keur nangtung Teu sawatara lila katingal hibar cahya semu beureum campur silalatu ti belah wetan. Tuluy disusul ku sora koceak dengek estu matak watir ngadengena. Lalaki-awewe, budak-kolot lalumpatan nyalametkeun dirina sewang-sewangan. Ningal hibar seuneu geus ngabebela, rombongan pasukan kuda nu nunggu teh ngahurungkeun obor tuluy dibalangkeun ka luhur hateup eurih. Seuneu hurung nyeak ngarembet ngabeuleum naon wae nu kasorang. Kaayaan estu matak keueung lantaran lembur teh geus ampir kabeh imahna kabeuleum. Mang Ahmad ukur bisa molohok ngembang kadu, kawas anu kasima. Tong boro hayang lumpat, dalah ngalengkahkeun sukuna oge teu bisa. Nu nyalametkeun maneh bur-ber ka sagala arah, paciweuh kawas sireum dirojok sayangna. Kadenge komando ti salah saurang pasukan kuda," rengsekeun kabeh montong aya nu nyesa !" kitu pokna . Jrut waladna turun ti kuda tuluy ngalugas bedog. Koceak kadenge jelema ngoceak lantaran diala pati ku jalma-jalma anu taya boga ras-rasanana. Layon balatak guyang getih di lemah anu beureum warna getih. Kadenge deui pingpinan gorombolan nyarita,"Podaran si Lasmi. Pastikeun eta awewe kudu perlaya peuting ieu" ceuk manehna. Ti kajauhan katingal abringan ngiringkeun saurang wanoja umuran salikur taun. Celengkeung salahsaurang ti manehna nyarita satengah ngagorowok," Kang, geus kapanggih yeuh si Lasmi teh!". Pamingpin curinghak tuluy manehna turun tina kuda. Dirigdig manehna nyampeurkeun ka eta wanoja bari nelek-nelek ngeceskeun bener henteuna eta teh Nyi Lasmi.
Comments
Post a Comment