Nu kuring mana
Judul Cerpon :Nu kuring mana Karya : Mang Sukma Wijaya Bag. 1 "tok-tak-tok-tak" kolotok nu ngagantung di beuheung sapi teh disada meni nyongcolang. Kawantu wanci geus tengah peuting nu meumeujeuhna sepi jempling. Mang Ahmad anjeucleu di luhur padati bari nyekel tali pangenyed. Lampu nu digantungkeun di kolong roda tingkalices ka tebak angin. Sakapeung Mang Ahmad dedeheman ngingkahkeun kasepi dirina. Padati majuna rada alon lantaran babawaanana teh loba kacida. Salian ti mawa awi saratus leunjeur, oge mang Ahmad t eh mawa kalapa pesenan urang pasar. Di luhur, langit angkeub poek teu katingal bentang kawas peuting anu enggeus. Gelebus angin nebak tatangkalan nu rajeg kenca-katuhueun jalan, sorana seah estu nyampurnakeun kaayaan peuting anu teu cara ti sasari. Keur anteng nalingakeun jajalaneun, reg sapi teh eureun ngadadak. Mang Ahmad curinghak, tuluy manehna nyarita," aeh,aeh Jalu. Naha kunaon maneh bet eureun. Hayu maju, Jalu" Kituna teh bari nyepretkeun came...